" ليس الجمال بأثواب تزيننا ولكن الجمال بجمال العلم والأدب "

Silahkan cari:
Subscribe:

Ads 468x60px

Selasa, 19 Juni 2012

Hakikat Ikhlash (sunda)

Diposkan Oleh: Muhtadi Bantan - Diperbarui Pada: Selasa, 19 Juni 2012 Pukul 13.32.00


Share this :

Dina raraga urang ibadah ka gusti nu maha suci, penting ibadah kudu make niat anu iklas, murni lillahi ta'ala, tanpa gorod karena arah, tanpa ngarepkeun tujuan sejen lian ti ibadah, sabab bisi malikeun jauh tina paneatan anu utama.

Nurutkeun kana kaedah fikih "al-isytigholu bighoiril maqshudi, i'rodlun 'anil maqshudi" nyibukeun diri jauh lain tina tujuan, eta ngabalieur tina pamaksudan. Tujuan nu tadi na murni hayang ganjaran, gara-gara aya riya, akirna kalah ka meunang genjrengan.

Nurut kana macemna, iklas aya tilu:


iklas hususil husus, iklasna para nabi jeung para rosul
iklas husus, iklasna para wali jeung ulama khowwash
iklas umum, iklasna jalma biasa nu sok ibadah.


Iklas umum moal sarua jeung iklas wali, iklas wali moal sarua jeung iklas nabi, oge kitu jeung sabalikna katut saterusna.


Umumna iklas manusia, salian ngarahan sah ibadah, pasti hayang ka tarima, maka sataker kebek hirup ngiklaskeun diri, endung kana di sebut riyaan. Hajuna boga pikiran ari tacan iklas, moal waka migawe sabab nganggur. Padahal urusan gawe ibadah ulah nunggu kudu iklas heula, bisi angel di lakonan.

Solusina, ambeh ibadah ulah riya, ingetkeun yen iklas jeung riya eta undak usuk kumaha kadar darajat makomna, biasana mun kakarak, pasti ronghok jaljol hate hayang ka alem, hayang kasohor hayang ka aku ku calon mitoha ambeh jd minantu. Upama aya kitu maning maju terus ulah eureun, najan bari hayang ka alem oge. Ibadah teuteup sah asal nyumponan sarat jeung rukuna. Ari riya, ukur ngajadikeun kotor hungkul kana ibadah. Ngibaratkeun kawas samping samarenda hiji kacepretan ku leutak jadi barelok, mahal keneh jeung hargaan tibatan samping atlas bersih sapuluh meunang ngagosok. Dasar ibadah saeutik kalah munya menye ampe ka eureuna. Maningan lobakeun migawe jongjon ibadah nu kawas kumaha oge. Kawas meuli beas ti pasar sakarung, di teundeun di dapur di rempung ku kotok anakan, paling beak saliter sesana loba keneh. Daripada meuli beas saliter ngadon moal aya sesa rengse kabeh teu ka bagean.

Nu matak sulit ari nganyahokeun iklas anu euweuh riyaan, di mana ayana, sihoreng kanyahoanana aya di jalema nu tukang riyaan. Kawas hayang nyaho rasana cageur, nanyana kudu ka jalema geuringan, ulah nanya kanu telok geuring.

Sakitu ajaran  Hakekat Ikhlash (sunda). Mudah-mudahan aya manfaatna husus ka diri pribadi salaku panulis ieu umumna muslimin muslimat katut mukminin mukminat. Mudah-mudahan urang dijadikeun jalema anu ibadahna pinuh ku ka ikhlasan dina sagala hal.. Amin.

Artikel Terkait:

2 Blogger
Tweets
Facebook

2 komentar: